Memperingati Tahun Baru Islam - 1 Muharram 1447 Hijriyah di Leuwiseeng Sukaherang Singaparna, Kab. Tasikmalaya, Jawa Barat.
Format Pengumuman di TOA (Pengeras Suara) Masjid :
Assalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh.
Hapunten palawargi sadayana, di wagel ku ayana pengeras suara ieu.
Pribados ngadugikeun informasi ti Pengurus DKM Masjid Jami Nurul Iman Leuwiseeng,
Anu dina info eta teh, intina seja umajak ka sadayana pala wargi, para alim ulama, kiyai, ajengan, aparatur pamaréntahan, bapa-bapa, ibu-ibu, pemuda-pemudi, sinareng santriawan santriwati sadayana,
Kanggo dihaturanan ngiringan Acara Memperingati Tahun Baru Islam, Malam 1 Muharram 1447 Hijriyah.
Nu bade dilaksanakeun ngawitan nana ti engke sonten (ba'da asyar), Kamis, 26 Juni 2025 / 30 Dzulhijjah 1446 Hijriyah
Tempat na di Masjid Jami Nurul Iman Leuwiseeng.
Kanggo urutan acarana, nyaeta:
- Netepan Asar berjamaah
- Dzikir, istighosah, munajat, sareng doa awal taun
- Ngaos Surat Yaasin sareng Sholawat ka kangjeng Nabi Muhammad SAW
- Netepan Isya berjamaah
- Pawai obor (sa atos Netepan Isya berjamaah)
Mangga di haturanan ka sadayana,
Mugia janten amal sholeh kanggo bapak/ibu/Pemuda/Pemudi sadayana,
Amin ya Alloh, Ya robbal alamin.
Sakitu anu tiasa di uningakeun.
Hapunten na ka sadayana, di wagel ku ayana pengeras suara ieu.
Hatur nuhun,
Wassalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh.