NOSTALGIA:
inget baheula (1990-1993),
pas ari samen sakola agama,
asa ku resep & aneh deuih ari pas samen teh,
abong acan aya cocooan jeung tontonan anu wah saperti ayeuna atuh (hp, youtube, tiktok, dll), hp na ge pan can aya dina waktu harita teh.
Panggung samen sakola agama teh, unik,
Pas nyieun panggung na, gotong royong nga gorolong-gorolong drum jang pondasi panggung, terus di timpah ku kai, papan, jeung awi.
Di panggung na, aya layar buka tutup, barudak siap2 baris, geus siap, karek layar na dibuka, di surakan weh ku penonton.
Di panggung oge aya jalan nguliwed di sisi katuhu panggung, teuing jang naon eta aya jalan nguliwed kitu, teu ngarti harita teh, ahh, nuturkeun weh.
Ti beurang keneh, panggung teh di hias, ku gincu jeung sajabana.
Ari pas samen teh, barudah osok aya anu jajan mie rebus conto mie Sakura, tapi teu direbus, malah di atah, di bumbuan jeung di minyakan bawaan tina mie rebus eta, terus di remes-remes, di am weh.
Jeung deuih, anu moal matak poho mah, Samen agama teh, baheula mah, dibagi dua peuting. Peuting ka hiji acara barudak sakola, terus malam kadua, tari, karoke, pentas seni pemuda pemudi.
Mani asa ku wara-ra-as Gusti.
Sae carita model kieu yeuh, engke kanggo di Acara Ngobrol di Salira TV, bade di angkat ah, carita-carita model kieu bari ngahadirkeun pelaku-pelaku sejarah na, InsyaAllah.