Langsung Viral dot com – Kami ambil contoh dari : Surat Undangan – Rajaban 2020 – DKM Masjid Majelis Talim Al-Ikhwan Picung Leuwiseeng Sukaherang Singaparna Tasikmalaya
Berikut ini :
PANITIA PERINGATAN HARI BESAR ISLAM
( ISRA MI’RAJ NABI MUHAMMAD SAW )
DKM AL-IKHWAN
Kp. Leuwiseeng (Picung) Rt.03 Rw.09, Desa Sukaherang, Kec. Singaparna, Kab. Tasikmalaya – WA: 08-5353-99-4262
Salasa, 25 Februari 2020
Nomor : 06/U/DKM-ALIKHWAN/II/2020
Lampiran : –
Perihal : U l e m a n
Kahatur
Bapa/Ibu/Sadèrèk : ………………………………
Assalaamu’alaikum Wr. Wb.
Puji sinareng Syukur kasanggakeun ka Gusti Alloh SWT nu Maha Suci. Sholawat miwah Salam mugia salamina dilimpahkeun ka Kanjeng Nabi Muhmmad SAW, ogè ka Kulawargina sareng ka Para Sohabatna.
Salajeungna, patali sareng Acara Mièling Isra Mi’raj Nabi Muhammad SAW 1441 H, di Masjid Al-Ikhwan badè Ngayakeun Pangaosan anu dipatalikeun sareng Isra Mi’raj Nabi Muhammad SAW 1441 H.
Dupi katangtosan waktosna, Insya Alloh bade dilaksanakeun dina:
Dinten : Sabtu
Kaping : 7 Maret 2020 M
12 Rajab 1441 H
Tabuh : 13.30 WIK dugi ka Rèngsè
Tempat : Masjid Al-Ikhwan Picung Leuwiseeng
Penceramah : Ust. Drs. Wawan Hermawan
Kana kasumpingan Bapa/Ibu/Sadèrèk Tawis Mikacinta ka Rosululloh SAW, Panitia ngahaturkeun nuhun, mugia ku Gusti Alloh dicatet janten Amal Sholeh. Amin Yaa Robbal Alamin.
Wassalaamu’alaikum Wr. Wb.
Diketahui & Disetujui Ketua Panitia
Ketua DKM Al-Ikhwan
( E N T O H ) ( PIPIH PIRMANSYAH )
File Word nya bisa di download disini : “Surat Undangan – Rajaban 2020 – DKM Masjid Majelis Talim Al-Ikhwan Picung Leuwiseeng Sukaherang Singaparna Tasikmalaya“.
Demikian, Semoga bermanfaat. (LV – PP)
Comment